Al_Hadits

Man arofa nafsahu faqod arofa robahu
Sundana: Saha-saha nu geus nyaho kana
dirina sorangan, tangtu nyaho ka
pangeranna.
Waman aroba robahu faqod jahilan nafsahu
Sundana: Jeung saha2 anu geus nyaho ka
Pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina,
karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik
malik lamun teu didaya upayakeun ku
Pangeran.
Sidik ieu si jasad teh ulah ngaji kitab anu
keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab
anu langgeng, kapan ceuk hadis oge kieu;
Iqro kitabaga kafa binafsika alyaoma alaeka
hasiba
Sundana: Maneh kudu ngaji kitab anu
langgeng nyaeta kudu ngaji kitab anu aya
dina diri maneh sorangan, geura teangan
qodrat iradatna Pangeran dina diri
sorangan, karena leuwih nyata
kakawasaanna Pangeran teh dina diri
sorangan, jeung leuwih nyata ilmuna
Pangeran teh dina diri sorangan, jeung
leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri
sorangan, jeung leuwih nyata tingalina
Pangeran teh dina diri sorangan, jeung
leuwih nyata danguna Pangeran teh dina
diri sorangan, jeung leuwih nyata
pangandika Pangeran teh dina diri
sorangan, karana ceuk dalilna oge;
Wahuwa maakum aenama kuntum
Sundana: Allah ta’ala teh ngabarengan bae
ka umat2na sakabeh, dimana bae aya, aing
didinya aya, tapi sategesna ngaran
dibarengan ku Allah ta’ala teh, nyaeta
qodrat-irodatna, jeung ku ilmuna, kapan
sidik dina sifat dua puluh oge geus
ngarangkep-rangkep;
Saperti :
Hayat jeung Hayan, Hayat hartina hirup;
Hayan anu hirup.
Sama jeung Samian, Sama hartina dangu;
Samian hartina anu ngadangu.
Basar jeung Basiran, Basar hartina awas;
Basiran hartina anu awas.
Kalam jeung Mutakaliman, Kalam hartina
ucap; Mutakaliman hartina anu ngucap.
Qodrat jeung Irodat, Qodrat hartina kawasa;
Irodat hartina anu ngersakeun (kersa).
Naon anu kawasa dina diri urang teh? Teu
aya deui liyan ti Hirup buktina geuning bisa
usik. Irodat hartina karesa nyaeta buktina;
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadenge
Pangambung bisa ngangseu
Baham bisa nyarita
Tuh geuning sidik teu pisahna teh, ayeuna
mah atuh ngan kari teangan barangna bae,
siga naon sifatna qodrat atawa hirup teh,
siga naon sarta wajib kapanggihan supaya
bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya
ceuk beja , kudu yakin ceuk sorangan .
NERANGKEUN HARTINA IMAN JEUNG MARIFAT
Ari iman teh hartina percaya, marifat hartina
nyaho. Geuning beda iman jeung marifat
teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah
teh kudu jeung nyahona (marifat), upama
teu jeung sidikna mah atuh imanna iman
taqlid, jadi ngakuna parcaya ayana Allah teh,
ceuk beja batur, atawa meunang beja tina
kitab bae, jadi anu kitu paham teh sarerea,
iman ka Allah teh semet percaya kana ayana
bae, pedah aya dadamelannana bumi jeung
langit, atuh ana kitu mah sumawona nu
nyekelan agama Islam, kapan anu nyekelan
agama sejen2 oge pada parcaya; pada
percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh
naon bedana agama Islam jeung agama-
agama sejen?
Pedah eta kitu agama Islam mah
ayarukunna, 1 Sahadat, 2 Solat, 3 Zakat, 4
Puasa, 5 Munggah haji? Kapa dina agama
sejen oge pada aya sahadatna, pada aya
solatna, ngan beda patingkahannana jeung
bahasana wungkul, maksudna mah tangtu
sarua, kapan tadi ge agama Islam teh pang
luhung2 na ti agama2 anu sejen, da kapan
kieu dalilna ge:
Al insannu sirri waana sirruhu Sundana:
Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, rasa
Allah nya rasa Muhammad, tegesna kanyaho
Muhammad nya kanyaho Allah. Aya deui
ceuk hadis;
Ila haqqo billa haqqin, Illa haqqin billa haqqo
Sundana: Muhammad teh hak Allah, Allah
hakna Muhammad, tah kitu anu matak
agama Islam teh disebut pang luhur2na teh,
lantaran pang parek2na ka Allah ta’ala, moal
aya Allah lamun teu aya Muhammad, moal
aya Muhhamad lamun teu aya Allah, tegesna
moal aya sifat lamun teu aya Dat, moal aya
Dat lamun teu aya Sifat,anu matak Kanjeng
Rasulullah disebut Panghuluna Rasul, jeung
disebut babuna roh sakabeh, jadi agama
Islam pang disebut pangluhurna eh nyaeta
kusabab aya hak marifat ka Allah ta’ala,
kapan bukti Kanjeng Rasulullah tiasa Mi’raz,
barang ka beh dieuna mah, Kanjeng Gusti
Syarif Hidayat kutup Cirebon, mi’razna teh
tiasa tepang sareng hakekatna Kanjeng Nabi
Muhammad sollahu alaihi wasalam, nyaeta
disebut Johar Awal tea, tegesna Sifat anu
Maha Suci, saur para Wali mah sajatine
hirup, atawa sajatining Sahadat, nyaeta
gulungna Dat jeung sifatna anu Maha Suci,
Sanajan urang oge upama bisa kapanggih
mah jeung Wali, Insya Allah bisa tepang
sareng hakekatna Rasululloh, samangsa2
geus bisa tepung jeung hakekatnna
Rasulullah, kakara urang diaku umatna,
samangsa-mangsa geus diaku Rasululloh
Insya Allah engke bakal dicandak kana
kasalametannana anjeuna, nyaeta kana
kasucian, upama teu acan terang kalawan
yakinna ka Rasulullah, boh kana majajina, bo
kana hakekina, tur acan sah urang ngaku
jadi umat Rasulullah teh, karena dina rukun
syahna maca sahadat, geus diterangkeun
dina kitab :
1. Kudu netepkeun heula Datna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala
(20)
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala
(99)
4. Kudu netepkeun heula sarta sidik heula ka
Rasulullah.
Tah geuning kitu syahna maca sahadat teh,
geuning kudu sidik heula ka Rasulullah,
upama teu acan nyaho kana sifat2na, sabab
basa netepkeun teh kudu puguh heula
barang2na anu ditetepkeunnana, geuning
kitu satementemena maca kalimat ssahadat
teh, lain da rapon nyebut bae, karana ari
darapon nyebut bae mah budak lembut oge
pada bisa, numatak wajib jeung nyahona,
sabab upama teu jeung nyahona mah ibarat
urang maca programna bioskop anu rame
tapi teu jeung lalajona, naha jadi
kanikmatan ka urang. Kitu deui sanajan teu
jeung maca programna tapi lalajo datang
kana tempatna eta bioskop, naha utama
mana? Utama anu maca programna atawa
utama anu lalajona?

Komentar