Hayu urang ngurus ucapan jeung tindakan sangkan salamet, ayeuna urang gunakeun supaya diri urang selamet lengkahna, salamet usik malikna, salamet usahana, salamet ngobatana, salamet ngubaranana, salamet barayana, salamet indung bapana, salamet jeung sararea. Anu ahirna teu aya halangan rintangan dina sagala tingkah laku, insya Alloh kabuka bagja dunya aherat. Alloh sanggupeun ti beheula dugi ka kiwari oge da langgeng keneh ayana zat Mantenna.
"Ulah rek miheulaan kana kersaning Allah jeung Rosulna, anu akibatna poho we kanu mere, poho we kanu ngersakeun, geus puguh keur datang musibah mah, cacakan keur datang ni'mat oge eh teu inget. Kanikmatan bae anu digulung teh, teu tembus kanu mere kanikmatanana. Ku naon? Ku teu tuman inget ka Gusti Alloh. Aya watesna resep teh. Sing boga rasa cinta ka anak, cinta ka pamajikan, cinta ka harta benda. Tapi, meakkeun pisan kanu merena. Kumaha eta teh akibatna? Rasa anu bogana takabur, ujub, ria, ahirna ngahir-ahir waktu,"
Komentar
Posting Komentar