Assalamualaikum wr wb...
Sampurasun..
Dina bahasa SUNDA aya kecap Jisim,Isim Kuring./Jisim kuring.
Jisim teh =Jasad/Wujud,,awak sakujur ti Luhur sausap Rambut Ti Handap Sausap Dampal.
Isim teh = lain aksara Qur'an anu di bunteuL ku kaen bodas,tawa di jiyeun tina wesi kuning.
Isim teh = anu aya dina Jero awak dina Qolbu tea,,Qolbu anu geus di eusian ku kalimat Tauhid,, anu di Eusikeun Ku Ahlina.
Talqin zikir tea Ngarana.
Anu Jumlah Na aya 12 Huruf.
Ngandung Harti 12 kawajiban.
6 kawajiban Bathin (Rukun iman )
5 kawajiban Dohir (Rukun Islam )
1 Ikhsan.. Ngarasa neuteup jeung di Teuteup Ku alloh. Jadi jumlah na12.
sok aya paribasa kade euy bisi cilaka 12......! Sabab teu aya deui cilaka nu pang gde gde na iwalti cilaka 12.
Matak dina Nalika nyebat Gusti teh Lain ka Luhur,,Tapi Ka Jero Bari TungkuL.
Ari Kuring Na Naon????
Kuring anu nyanggakeun sadaya daya ka gustina, anu gaduh sakabeh alam jg pangeusina. Lamun mah gs boga Isim eta,indt kamana bae ge moal burung di tangtayungan,da Isim na manunggaL jg Gusti. Lain isim anu di talian dina Cangkeung.
Cag ah..
Mugi aya manfaat na kanggo sim kuring oge wargi sadaya🙏
Komentar
Posting Komentar