Dzikir

Éta dzikir moal ngeusi mun tetep balangah.

Ibadahkeun badan kucara ngalaksanakeun fiqih.
Ibadahkeun nyawa kucara ngalaksanakeun tasawuf.

Ibadahkeun rasa kucara ngalaksanakeun tauhid.
Ibadahkeun rasaning rasa kucaraning yaqin sayaqin- yaqina.

Teu kasebut yaqin upama can bener-bener percayana, sakapeung percaya, sakapeung cangcaya.

Éta téh hartina kosong. Mun keur loba duit percaya sagala meunang Allah, tapi mun keur teu boga duit cangcaya ka Pangeran.

Keur ningkatkeun yaqin, mangka dzikirna kudu sumarambah kana tiap-tiap lathifah ngarah ningkat kana muroqobah.

Rék kumaha lumampah dina ibadah anu teu eureun-eureun mun dina dzikir gé sok dipaké ngalamun, kulantaran kitu kudu: 

"UdKhulu Fis Silmi Kaffah"
"Asup kana islam sagemblengna"(Al-Baqoroh: 208)

Nyaéta rasa sumerah ka Pangeran, nyanggakeun ka Pangeran, nyerahkeun ka Pangeran.

Amal urang gumantung kana penyerahanana:

"Inna sholati wa nusuki wa mahyaya wa mamati lillahi robbil alamin"
"Saéstuna sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi, maot abdi masrahkeun ka Gusti Pangeran sakabéh alam"
(Du'a Iftitah)

Pentingna dzikir sing dugi ka aya sorana, ngarah timbul resep
Geuning dawuhan Nabi SAW:

"Alamatu hubbillahhi hubbu dzikrillah".

"Cirina cinta ka Alloh téh nyaéta resep dzikir ka Allah"

Naha nu sok dzikir tos timbul resepna? Mun mah samenit resep sajam teu resep mah can kasebut resep
Kakara gé narik dzikir 3 ka 4-na tos Sayyiduna mah can kaasup resep, lain tara dzikir tapi can resep kana dzikir

Rasa resep bisa timbul alatan ditumanan. Ari tos resep mah sok ngancik ma'rifat, nyaéta nyerah kabéh ka Pangeran, boh dina keur ibadah, cacak-cacak dina keur dahar-nginum gé atawa keur naon baé teu weléh raga katut nyawa dipasrahkeun ka Pangeran

Sakitu panginten
"MUGIA MANFA'AT"

Komentar