Kacaritakeun hiji pasantren eusina 30 santri,santri di eta pasantren kacida pisan getol ngaji jeung hadir di majelis majelis elmu dimana ajenganna mere pelajara,kecuali hiji santri nu teu pernah hadir di majelis jeung jarang katempo ngaji jeung baturna.
Naon sabab? Lain harti males tapi eta santri gawena khidmat ka ajengan ku jalan nyeuseuh,beberes imah ,gawe di dapur jeung sajabana.
Eta santri kacida pisan mahabbah na ka ajengan ,taya basa mungpang atawa nolak kana parentah ajengan.
Hiji waktu si santri keur nyeuseuh dina kulah gigireun majelis,ngagesruk we nyeuseuh bari ngadengekeun ajengan keur mere pelajaran ka para santri.
Kadenge sora ajengan ti jero majelis "barudak minggu hareup mama rek indit ka mekah ,8 bulan moal panggih ,maka maraneh isuk marulang heula ka lembur menta doa ka indung bapa maraneh keur mama yen mama rek indit ka mekah, ngan samemeh na maraneh balik ka lembur mama rek mere wirid ,dimana maraneh panggih walungan hese meuntas maka baca ieu wirid Latudrikuhul Absoru Wahua Yudrikuhul Absoro Wahuwa Latiful Khobir.
Ari si santri nu nyeuseuh salah denge " oh jampe meuntas teh tul kuntul ngarumpul dina gawir buntutna ngacir".
Gancang carita santri marulang ka lembur sewang sewangan ,saminggu ti harita marulang deui ka pasantren.
Sadatangna ka pasantren kasampak ukur aya ibu ajengan.
"Ibu kamana mama?. Ceuk santri
"Geus mangkat mama mah tadi subuh. Saur ibu ajengan.
Santri nu 29 careurik ngan nu hiji mah hnteu.
Manehna bebeja ka ibu ajengan rek nyusul ka palabuhan sugan ka udag keneh.
Gede na rasa cinta eta santri ka guru ngadorong manehna pikeun nyusul guruna.
Kakocap eta santri geus nepi ka sisi laut,laju tatanya ka patugas palabuhan
"Punten bapa ari kapal nu bade ka mekah dimana?.
Jawab petugas " tuh geus berangkat sajam ,tuh kapalna kaciri keur ngangkleung .
Si santri ngahuleng bari neuteup kapal nu dijerona aya guruna.
Manehna nangtung sisi cai bari neuteup kapal,ras inget kana wirid nu kadenge basa keur nyeuseuh.
"Ya alloh mugi gusti ridho nepungkeun abdi jeung guru abdi,abdi hayang panggih heula,hayang neuteup heula ,hayang nyium pananganna heula ,hayang di doakeun heula ku guru abdi,tul kuntul ngarumpul na gawir buntutna ngacir".
Jleng kana cai,anehna teu ti lelep eta santri malah ngambang dina luhur cai.lumpat ngudag kapal nu ngangkleung tengah laut.
Satepina kana kapal eta santri neangan guruna di antara rebuan jamaah.
Ajengan kacida kagetna basa ningali eta santri aya dina kapal.
"Aeh aeh ujang naha didieu? Tanya ajengan
Uhun mama ,abdi nyusul mama tembal santri.
"Jeung saha kadieu kana naon?.tanya ajengan
Lumpat mama na luhur cai ,nyalira bae.
"Aeh aeh gening luhur elmu maneh teh,boga elmu ti saha?
Aeh apan saur mama basa keur nyeuseuh bisi teu bisa meuntas baca tul kuntul ngarumpul na gawir buntut na ngacir.
"Naha da aing mah mere wirid Latudrikuhul Absoru Wahua Yudrikuhul Absoro Wahuwa Latiful Khibir lain kuntul ngarumpul na gawir.
Ah teuing atuh mama da kitu nu kakuping ku abdi.
Nya nggeus ,hayang naon maneh?
Abdi mh hyng panggih heula,hayang nyium panangan heula ,hayang di duakeun heula geus kitu mah ek balik deui we abdi mah ka pasantren..nyeuseuh deui .tembal santri.
Dua panon pateuteup,dua tangan patarema cipanon ting curucud.Cinta murid ka guru,cinta guru ka murid.
Dua lautan cinta patepung .
Geus jang tong balik deui ka pasantren baturan ama ka mekah.saur ajengan.
Tah kitu...diangkat darajat saurang murid ku mahabbah na ka guru.
Lain ku luhur elmu,lain ku getol ngaji tapi ku cinta hingga guruna ridho alloh ridho.
Buktina santri salah denge sanggup meuntas laut ku mahabbahna.
Cag
Komentar
Posting Komentar